Rabu, 02 Juni 2010

Bakating ku "Khusyuk"


Di hiji lembur, aya hiji Kyai anu kacida kasohorna. Ieu Kyai teh lain ulama jore-jore, kusabab dilembur na teh geus ngadeg hiji pasantren anu kacida tohaga na. Nya kitu deui ari anu jadi santri na teh teu saeutik anu ngaguguru, aya anu ngobong, tapi aya deui anu ngan saukur mimilu dina acara pangajian umum na.
Kacaritakeun dina hiji waktu, pihak pasantren teh ngayakeun hiji acara anu bakalan mintonkeun prestasina para santri anu ngobong bari diselangan ku kasenian-kasenian khas pasantren (istilahna mah ngayakeun IMTIHAN).
Singketna ieu carita, anu jadi acara kojo na teh geus tangtu bae pepeling ti Kyai pasantren anu dipikasepuh ku masyarakat lembur.
Deregdeg weh Kyai teh mere pepeling ka sakumna mustami anu haladir dina ieu acara, barang Kyai nyaritakeun lalakon Kanjeng Nabi Muhammad SAW, segruk teh dina salah sahiji mustami aya anu ceurik anu kacida tarikna.
Atuuh...sakabeh para mustami anu haladir kana ieu acara teh pada ngaralieuk ka jalma anu ceurik teh, bari pada culang-cileung ka baturna sewang-sewangan. Meureun anu aya dipikiranna eta para hadirin kanu jalma ceurik teh teu jauh tina kieu nyarita na teh:
" na...ari ieu jalma teh kunaon make jeung ceurik sagala? kawas anu meunang kasedih bae."
Lilana ieu acara teh teu jadi matak pikabosenneun para mustami, kusabab memang Kyai na teh ngabogaan kharisma anu matak jadi pikareseppeun para mustami. Jadi sanajan ngan saukur mere ceramah, anggeur bae para mustamina teh saratia nepi ka rengsena acara.
Kira-kira ka tengah peuting nakeun ieu acara teh kakara beres, para mustami teh teu langsung balubaran tapi paboro-boro ngadeukeutan Kyai da harayangeun sasalaman bari ngambeu panangan nana Kyai.
Ari Kyai teh ngan rut-ret weh kanu jalma tadi ceurik teh, nyampak masih keneh aya dina juru ruangan aula anu dijieun acara.
Bangun kapanasaran ceuk Kyai teh: " cik...hayang nyaho kaula mah, sahanya ieu jalma teh? Asa kakara ningali!".
Kyai teh nyampeurkeun ka jalma anu masih keneh diuk bari tungkul.
Kyai: " Ari Ujang teh sahanya? Jeung timana ari lembur teh?
Ujang: (bari reuwas si ujang teh nyarita)
"Mamaaaa.......aduuuhh hapunten mama....."
Kyai: "Ke..ke...ke...naha kalah ngadon gegerewekkan ari ditanya teh?"
Ujang: "Muhun...hapunten pisaannn, abdi teh pun Ujang Syamsi...ari kawit ti LemburCihaur Koneng"...
Kyai: " Euuhhhh...kitu...
Lain, Mama mah asa kakara ninggali jalma anu ceurik nepi ka ngaguk-guk kitu,
Da Mama mah hese hayang ceurik jiga kitu teh!  . Cik-cik naon atuh pangna hidep bisa ceurik anu khusuk  kawas kituteh?
Ujang:" Teu kiat.....Mama...abdi mah teu kiat.....
Ninggal janggot Mama sami sareng janggot anu ka emut-emut ku abdi. Janten weh Ujang teh hayang ceurik...
Kyai:" Na...saha kitu eta teh?
Ujang:"...........euuhhhh....
Nyaeta si Dumeh.....EMBE anu sok di angon ku abdi teh leungit ti enjing-
enjing dugi ka kiwari....jaba can dibere nyatu ku Ujang teh...atuh kacida

lapareun nana......(huaaaaaaaaaaaaaaaa....huaaaaaaa......)


Kyai:".........^#&**&^%%$#............?!!! "


Tamat.

NB:
a. Mama ===> sebutan gelar kehormatan dari penduduk terhadap seorang Kyai atau Alim
Ulama yang berpengaruh di Tatar Sunda.

b. Nama dan tempat hanyalah karangan dan fiktif belaka.

c. Ieu mah ngan ukur carita heureuna santri..omat ulah sarius teuing nanggep na nya. ^_^

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bagi para pembaca sekalian silahkan mengisi kolom komentar.